//
Carmis – Manehna Cicing di Kamer Nomer 3

Carita ieu kenging tina http://majalah-mangle.com/content/detail/122.html

Carita Misteri

Manehna Cicing di Kamer Nomer 3

Ku : Endang Suhandanie – Jayapura

Ieu teh pangalaman kuring taun 1971 di Sukarnopura (Ayeuna Jayapura). Meh unggal peuting kuring mondok di Rumah Sakit Umum Jayapura, lantaran maturan lanceuk nu katarajang panyakit nepi ka 2 bulan lilana. Di rumahsakitna ditempatkeun di rohang kelas kamer nomer 6. Kaayaan di rumah sakit harita mah kacida tiiseunana, nyengceling jauh ka ditu jauh ka dieu. Geura wae ka tonggohna ka beulah kaler, leuweung wungkul nu pinuh ku tatangkalan. Atuh ka lebak, sakitu gurawesna pinuh ku tatangkalan jeung barala. Sigana matak baretaheun ririwa jeung jurig jarian. Malah ceuk nu rahul mah, di dinya teh tempatna Kuntilanak miceun budak. Eta teh ti beurang geus sakitu angkerna, mana komo mun ti peuting mah; jam 7 nu kasebut masih sore keneh geus kacida jemplingna. Ongkoh harita mah cacah jiwa di Kota Jayapura teu sabaraha lobana batan ayeuna. Nu matak rumah sakit nu sakitu legana teh pasenna mah ngan saeutik da ku langka tea nu gareringna. Mana komo ieu di ruang kelas nu jumlahna ngan aya 20 kamer, tampolana mah euweuh saurang-urang acan nu diopname di ruang ieu. Harita ge nu eusian teh ngan 4 kamer kaasup dulur kuring. Ongkoh ruang kelas mah tempatna/ wangunanna nenggang pisan batan wangunan sejenna.

Kacaritakeun dina hiji peuting, kuring kageuingkeun ku sora sapatu selop nu leumpang ti gang nomer 12. Sigana ti dituna mah ti kamer nomer 20 nu pangtungtungna; ngan kakupingna ku kuring ti palebah kamer nomer 12. Kuring ngintip tina panto kaca bari nyingkabkeun  hordengna saeutik. “Heran, sora sapatuna aya, tapi ari jelemana teu katempo!?” ceuk kuring ngagerentes. Sanggeus ngaliwatan kamer nomer 6, panasaran kuring melengekeun panto saeutik, terus nempo ka nu keur leumpang tea. Weleh teu katempo; tapi sora sapatuna mah atra pisan. Leumpangna alon. Teu lila aya panto ngageret dibuka. Ari disidik-sidik pas di kamar nomer 3. “Geuning aneh ngadon asup ka kamer nomer 3? Kapan di dinya mah euweuh pasenan jeung nu aya teh ngan hunyudan kasur jeung ranjang butut wungkul?” ceuk gerentes hate kuring bari nutupkeun panto lalaunan. “Euh…boa-boa…?” kuring ngadadak muringkak bulu punduk, awak ngeleper kawas nu keur muriang bakat ku sieun. Huntu ge meh-mehan noroktok lamun teu dipereketkeun mah. Ret ka dulur kuring nu keur sare mani ngageubra, ret deui kana jandela, kana panto, kana meja jeung kana lomari nu dipindingan ku lawon bodas. Kabeh ditempoan ti uhur lomari nepi ka kolong pangsarean, ka unggal juru kamer teu kaliwat, bari pikiran mah nginget-nginget kajadian tadi. Cetrek weh lampu nu caang dipareuman diganti ku lampu nu caangna reyem-reyem. Angkeuhan teh ngarah teu katempo ti luar.

Geus mareuman lampu kuring unggah kana korsi panjang bari memener simbut; rek sare. Tapi sanajan dipeureumkeun oge keukeuh teu daekeun reup, da inget bae kana kajadian tadi tea. Ret kana jam nu naplok dina tembok tunjangeun dulur kuring. Jam tilu leuwih saparapat. Sangkilang panon mah geus kacida tunduhna, tapi ari pikir mah tetep bae inget ka “SUSTER” nu asup ka kamer nomer 3 tea. Kabayangkeun kumaha mun balik deui asup ka kamer nomer 6 tempat kuring sare, heug ngadon mukakeun simbut beungeut kuring. Sigana mah kuring moal kungsi ngajerit atawa ngagorowok menta tulung-tulung acan.  Nu pasti mah terus bae kapiuhan bakat ku sieun jeung kaget.

Sabot keur ngalamun kitu hawar-hawar sora nu adzan di Masjid Agung Jayapura di lengkob beulah kuloneun puseur kota nu ngan sakuriwek kitu. Alhamdulillah… kasieun teh ngadadak jadi leler. Kuring buru-buru hudang bari jumarigjeug muru kamer mandi rek abdas. Geus solat, karek nyampeurkeun lanceuk kuring nu keur sare mani ngageubra teu lilir-lilir sapeupeuting. Sigana dipasihan obat palium atawa obat penenang ku dokter jaga. Teu lila jol Pa Mantri Kafiar jeung Suster Sin uluk salam “SELAMAT PAGI”. Terus mariksa kasehatan pun lanceuk bari tunyu-tanya ngeunaan kamajuan kasehatanana.

Biasana mah ari jam 11 atawa jam 12 peuting teh sok aya Dokter Jaga, Pa Mantri atawa Suster nu sok mariksa ka kamer-kamer pasen; tapi peuting harita mah lebeng teu saurang-urang acan nu datang.

Waktu datang Pa Mantri, geus asa pok-pokan kuring rek nyaritakeun kajadian peuting tadi. Tapi ari dipikir-pikir, lamun kuring nyaritakeun eta kajadian, geus pasti Pa Mantri atawa Susterna oge sarieuneun; nu antukna bakal pabeja-beja diuarkeun ka babaturanana; terus bae tipeuting mah moal ngaraliwat ka eta gang ruangan kelas.

Peuting isukna nu piket teh ngahaja jadi duaan jeung dulur kuring ngarah aya batur. Ieu oge bener aya “memedi” kawas peuting tadi; ngan ieu mah nu leumpang teh sora sapatu lalaki; henteu ngabetrak kawas sora selop. Ieu lalaki teh sigana leumpang ti palebah kamer nomer hiji atawa ti lebak deukeut dapur umum. Leumpang nepi ka ngaliwatan kamer nomer 6 tempat kuring tea. Terus beuki jauh beuki teu kajeueung sorana. Meureun nepi ka nomer 20 pangtungtungna. Padahal ti nemer 9 nepi ka dinya teh euweuh pasenan ieuh.

Kuring jeung dulur tingkuciwes bari diuk pagegeye nyaritakeun kajadian peuting tadi ka manehna. Ngahaja kajadian peuting tadi teh dicaritakeun harita da sieun teu daekeun diajak mondok di rumah sakit mun dicaritakeun ti beurangna mah. Ieu kajadian teh nuluy nepi ka peuting ka 4 ti harita. Ceuk Mantri Johan, mantri nu geus wawuh jeung kuring, cenah kamer no 3 teh geus lila ge tara dieusian ku pasen; sabab geus welasan pasen ti keur jaman UNTEA (United Nations Temporary Executive Authority = atawa Badan Pemerintahan Sementara PBB) keneh, anu diasupkeun ka kamer nomer 3 mah sok terus maraot. Nu matak kamer eta mah ngan dipake keur gudang panyimpenan barang-barang nu geus raruksak wungkul.

Sataun ti harita, aya deui kajadian atawa carita nu matak muriding jeung muringkak bulu punduk nu keur maraca ieu kajadian. Ieu oge sarua carita hiji pasen (babaturan) nyaritakeun pangalamanana basa keur diopname di Rumah Sakit Jayapura. Manehna ditempatkeun di ruang kelas nomer 4 pagigir jeung kamer nomer 3. harita mun apaleun yen kamer nomer 3 sok dieusian ku nu “kararitu”, meureun sobat kuring teh moal daekeun di dinya.

Dina peuting kadua, sanggeus waktuna istirahat jeung rengsena pamariksaan dokter jeung perawat, jandela jeung panto oge geus ditutup, teu lila ngan jol bae aya suster datang bari ngajingjing etas asup ka ruang ki sobat nu geus disimbur bari nangkarak bengkang; ngadon ngersakeun “marios” deui. Tapi “suster” nu ieu mah mariksana teh kasar pisan. Eta wae panon pasen oge mani dipendelikeun siga dipaksa sina molotot. Biwir panonna di jebleh-jeblehkeun siga nu hayang puas. Atuh pasen teh gogoakan jeung aduh-aduhan… Nitah eureun. Geus anggeus ngajebleh-jeblehkeun panon mah terus pindah ka lebah dada jeung beuteung di dedet-dedetkeun satakerna teu sirikna di eundeuk-eundeuk; nepi ka pasen teh jejeritan menta ampun. Napasna engkek-engkekan nahan kanyeri. “Wah, kenapa keras-keras sampai sakit begini?” ceuk pasen bari ngusapan dada jeung beuteungna; nanya ka “suster”. Ditanya kitu teh suster kalah manyun; terus kaluar bari ngajeuwang etasna.

Kakara ge rek reup sare, suster nu tadi datang deui. Tapi ayeuna mah teu mawa etas. Datang-datang terus ngajanteng di hunjareun pasen bari melong kana beungeutna. Geus lila melong mah ngan gep bae kana suku pasen nu bareuhna; terus dieleketek sadaekna. Malah nepi ka dikoetan sagala. Atuh pasen teh jejeritan nahan kanyeri pacampur jeung getek. Ari sugan teh geus ngeletek mah rek enggeusan, tapi ieu mah kalah ngeundeuk-ngeundeuk ranjangna bari dijungjungkeun ka luhur ka handap kawas keur ngangkat “barbel”. “Tobat siah… tobat siah… tobat siah…” ceuk suster bari nyerengeh. Nyeungseurikeun… Geus nempo pasenna kapiuhan mah, memedi nu nyamur jadi suster teh kakara kaluar. Sigana eta oge asup ka kamer nomer 3. Isukna geunjleung aya ririwa ngajirim jadi suster.

Diskusi

Belum ada komentar.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

gue

I want to travel the world.. Traveling is my drug of choice..
"Don't grow (Old) withaut ever traveling alone"
Guys!!! You Only Live Once.

time

kicauan gw

Error: Please make sure the Twitter account is public.

%d blogger menyukai ini: